Senin, 17 Desember 2012

Kamana Atuh Gaya


Kamana atuh gaya, wae
Meuni atos garaya ah, wae
Kamana atuh gaya, wae
Mueni atos garaya ah, wae

Punten kang ayeuna abdi nyarios
Punten neng ayeuna abdi bade tumaros
Tuh tingali, aya jalema keur cungas cengos
Gaya bebeakan ditingalna ge teu raos

Punten ah, ulah siga kitu
Lamun keur buladug nepi ka garing eta huntu
Rek kamana-mana, teu weleh disapatu
Pajarken teh gaulna jeung kuli jalan buntu

Calana brongbrong kaluhurna kaos oblong
Make kalung blingbling jeung gayana ge polontong
Encan jadi artis tapi laga meni sombong
Bari otak kosong bolong siga embe ompong

Saeutik oge henteu araretis
Boro-boro keren ningalina oge najis
“Over acting” lamun aya awewe geulis
Hayang kataksir dasar sia majuli guris

Kamana atuh gaya, wae
Meni atos garaya ah, wae
Kamana atuh gaya, wae
Meni atos garaya ah, wae

Kamana atuh gaya, wae
Meni atos garaya ah, wae
Kamana atuh gaya, wae
Meni atos garaya ah, wae

Ari si ujang bade kamarana atuh
Make kalung gagantelna badag sagede batu
Bener kitu hiphop teh kudu mahal sapatuna?
Baju kudu gombrang boga tilu awewena

Kahirupan modern mirip jama jahiliyah
Kalobaan dandan yey~ cenah eta teh gaya
Karawat diri jadi lalaki metroseksual
Cenah ameh penjualan meledak total

Tapi naha maneh lila-lila mirip bencong
Sagala dipake nepi ka lomarina kosong
Di tempat nalongkrong gawean saukur nyampah
Ngomongna ngacapruk biwir jeding ngabudag

Beda pisan jeung kahirupan urang si Insane
Hirup normal tapi awewe ngadeukeutan wae
Matakna maneh kudu nyonto hirup urang-urang
Insane jeung Dudi, kadang lucu kadang garang.

Kamana atuh gaya, wae
Meni atos garaya ah, wae
Kamana atuh gaya, wae
Meni atos garaya ah, wae

Kamana atuh gaya, wae
Meni atos garaya ah, wae
Kamana atuh gaya, wae
Meni atos garaya ah, wae